Selasa, 15 Februari 2011

Cahaya Harepan

Kenging Aisyah Syarifah (atas permintaan beliau)



Gumembyarna sinar dilangit
Cahya Katon
medalna sang bagaskara
nojo kana kembang beukah
ngalangkan halimunan
duuuhh gusti
gunung siga diharudum
kahalangan megamalang

harepan nu nyanding na ati
tetep nganti pasini
sanajan salira jauh na teuteupan
nanging tetep deukuet na sawangan


jungjunan
sanajan pamohalan
tapi tetep
harepan na hate
saperti cahaya sarangenge
hamo bisa pareum sanajan ceudeum
tetep aya sanajan samagaha

Tidak ada komentar:

Posting Komentar