Rabu, 10 November 2010

Ngamumule Budaya Sunda


 Saestuna budaya sunda teh diantarana mangrupa 17 pupuh, anu teu dipikawanoh nu sabahagian gede nonoman jaman kiwari, malah mahasiswa calon guru SD oge lolobana teu nganyahokeun rupa-rupa pupuh, sumawona cara ngawihna oge. Padahal sakuduna bisa keur ngawanohkeun kabarudak SD,
Dihandap ieu, aya 17 pupuh, diantarana:
1. Asmarandana, ngagambarkeun rasa kabirahian, deudeuh asih, nyaah.
2. Balakbak, ngagambarkeun heureuy atawa banyol.
3. Dangdanggula, ngagambarkeun katengtreman, kawaasan, kaagungan, jeung kagumnbiraan.
4. Durma, ngagambarkeun rasa ambek, gede hate, atawa sumanget.
5. Gambuh, ngagambarkeun kasedih, kasusah, atawa kanyeri.
6. Gurisa, ngagambarkeun jelema nu ngalamun atawa malaweung.
7. Juru Demung, ngagambarkeun nu bingung, susah ku pilakueun.
8. Kinanti, ngagambarkeun nu keur kesel nungguan, deudeupeun, atawa kanyaah.
9. Ladrang, ngagambarkeun nu resep banyol bari nyindiran.
10. Lambang, ngagambarkeun nu resep banyol tapi banyol nu aya pikiraneunana.
11. Magatru, ngagambarkeun nu sedih, handeueul ku kalakuan sorangan, mapatahan.
12. Maskumambang, ngagambarkeun kanalangsaan, sedih bari genes hate.
13. Mijil, ngagambarkeun kasedih tapi bari gede harepan.
14. Pangkur, ngagambarkeun rasa ambek nu kapegung, nyanghareupan tugas nu beurat.
15. Pucung, ngagambarkeun rasa ambek ka diri sorangan, atawa keuheul kulantaran teu panuju hate.
16. Wirangrong, ngagambarkeun nu kawiwirangan, era ku polah sorangan.
17. Sinom, ngagambarkeun kagumbiraan, kadeudeuh.
(hatur punten, rumaos basa sunda abdi masih seueur nu lepatna)

2 komentar: