Basa mangkukna urang patepung
sanajan lain numunggaran
naha karasa aya nu beda
tina rindat jeung ucapna
matak sumeblak kana rasa
matak nyeletit kanu ati
duh.....
geuning kapentang panah asmara
karasa aya anu nyaliara dina dada
ngabalukarkeun hayang patepung
karasa aya kasono
duh....
guligahna rasa
teubisa kedal na ucap
ngan saukur ngaheruk
di ceungceum na ati sanubari
sugan isuk bisa pasini